Naon Karajaan Allah téh?
Jawaban Alkitab
Karajaan Allah téh pamaréntahan nu bener-bener aya nu diadegkeun ku Allah Yéhuwa. Dina Alkitab, ”Karajaan Allah” disebut ogé ”Karajaan Sawarga” sabab maréntahna ti sawarga. (Markus 1:14, 15; Mateus 4:17) Karajaan ieu boga ciri-ciri nu sarua jeung pamaréntahan manusa, tapi Karajaan ieu jauh leuwih unggul dina sagala hal.
Pangawasa. Allah geus milih Yésus Kristus sabagé Rajana jeung méré anjeunna wewenang nu teu pernah dipiboga ku manusa mana waé. (Mateus 28:18) Baheula, Yésus geus kabukti jadi Pamingpin nu bisa diandelkeun jeung welas asih. Jadi, Yésus bakal ngagunakeun kawasana ngan keur migawé kahadéan wungkul. (Mateus 4:23; Markus 1:40, 41; 6:31-34; Lukas 7:11-17) Ku bingbingan Allah, Yésus geus milih jalma-jalma ti sagala bangsa pikeun ”nyakrawati marentah bumi” ti sawarga bareng jeung anjeunna.—Wahyu 5:9, 10.
Lilana maréntah. Teu siga pamaréntahan manusa nu sok diganti, Karajaan Allah mah ”moal aya tungtungna”.—Daniel 2:44.
Rahayat. Saha waé nu ngalakukeun kahoyong Allah bisa jadi rahayat Karajaan Allah, teu sual kumaha asal-usulna atawa ti mana asalna.—Rasul 10:34, 35.
Hukum. Hukum atawa aturan-aturan ti Karajaan Allah teu ngan saukur ngalarang kalakuan nu goréng, tapi ogé mantuan rahayatna mekarkeun ahlak nu bener. Contona dina Alkitab disebutkeun, ”’Masing nyaah ka Pangeran Allah maneh terus jeung hate, terus jeung nyawa, sarta terus jeung budi akal.’ Ieu parentah anu pangutamana jeung pangpentingna. Nu kadua sarua pentingna, nya eta: ’Masing nyaah ka batur kawas ka diri sorangan.’” (Mateus 22:37-39) Kanyaah ka Allah jeung ka batur ngajurung urang pikeun miheulakeun kapentingan batur.
Pendidikan. Karajaan Allah teu ngan saukur netepkeun papakon nu luhur, tapi mantuan rahayatna ngajalankeun éta papakon.—Yesaya 48:17, 18.
Tujuan. Tujuan Karajaan Allah téh lain supaya pangawasana beunghar ku duit rahayat. Justru, Karajaan Allah bakal ngawujudkeun rencana Allah, kaasup jangji-Na yén jalma-jalma nu nyaah ka Mantenna bakal hirup langgeng di bumi pirdaus.—Yesaya 35:1, 5, 6; Mateus 6:10; Wahyu 21:1-4.