Imamat 24:1-23
24 Yéhuwa neruskeun deui omongana-Na ka Musa,
2 ”Paréntahkeun urang Israél sina maréré minyak zaitun murni keur lampu-lampu di kémah tepangan, supaya lampu-lampuna bisa terus hurung.
3 Ti peuting nepi ka isuk, Harun kudu ngajaga éta lampu tetep hurung di hareupeun Yéhuwa di kémah tepangan, nyaéta di luareun hordéng nu aya di deukeut peti perjangjian. Éta aturan nu kudu terus dijalankeun ku maranéh jeung turunan maranéh.
4 Manéhna kudu terus ngurus lampu-lampu nu aya dina wadah lampu tina emas murni di hareupeun Yéhuwa.
5 ”Panggang 12 roti nu bentukna siga geulang. Unggal rotina kudu dijieun tina 4,4 liter* tipung lemes.
6 Roti-rotina kudu disusun jadi dua tumpuk dina méja tina emas murni di hareupeun Yéhuwa, unggal tumpukna aya genep roti.
7 Teundeun menyan murni di luhureun unggal tumpukan roti. Éta menyan bakal ngawakilan sakabéh roti pikeun jadi kurban nu dibeuleum keur Yéhuwa.
8 Dina unggal poé Sabat, manéhna kudu nyusun éta roti di hareupeun Yéhuwa. Éta téh perjangjian antara Kuring jeung urang Israél pikeun salalawasna.
9 Éta roti bakal jadi milik Harun jeung anak-anakna nu lalaki. Rotina kudu didahar di hiji tempat nu suci, lantaran éta téh bagian nu kacida sucina keur imam tina kurban nu dibeuleum keur Yéhuwa. Éta téh aturan keur sapapanjangna.”
10 Ti antara urang Israél, aya hiji lalaki nu indungna téh urang Israél, ari bapana urang Mesir. Éta lalaki gelut jeung hiji lalaki Israél di pakémahan.
11 Anak lalaki ti awéwé Israél éta ngahina jeung nyumpahan ngaran Allah. Jadi manéhna dibawa ka Musa. Ngaran indungna téh Syélomit anak Dibri ti kaom Dan.
12 Éta lalaki ditahan nepi ka aya putusan ti Yéhuwa.
13 Tuluy Yéhuwa ngomong ka Musa,
14 ”Bawa jalma nu nyumpahan ngaran Kuring ka luar pakémahan. Sakabéh jalma nu ngadéngé manéhna nyumpahan kudu numpangkeun leungeun kana sirahna, tuluy sakumna jamaah kudu malédogan manéhna ku batu.
15 Manéh gé kudu ngabéjaan urang Israél, ’Lamun aya nu nyumpahan Allahna, éta jalma kudu nanggung balukar tina dosana.
16 Jadi, jalma nu ngahina ngaran Yéhuwa kudu dipaéhan. Sakumna jamaah kudu malédogan manéhna ku batu. Lamun aya nu ngahina ngaran Allah, boh urang Israél boh urang asing nu cicing di antara maranéh, kudu dipaéhan.
17 ”’Jalma nu maéhan batur kudu dipaéhan deui.
18 Saha waé nu maéhan ingon-ingon kudu mayar ganti rugi, sato kudu dibayar ku sato.
19 Lamun aya nu nyilakakeun sasamana, éta jalma kudu dikitukeun ogé.
20 Tulang bayar tulang,* panon bayar panon, huntu bayar huntu. Jalma nu nyilakakeun batur kudu dikitukeun ogé.
21 Jalma nu maéhan sato kudu mayar ganti rugi, tapi nu neunggeul jeung maéhan jelema mah kudu dipaéhan.
22 ”’Putusan hukum keur urang asing jeung keur urang Israél téh sarua, sabab Kuring téh Yéhuwa Allah maranéh.’”
23 Geus kitu, éta kabéh ku Musa ditepikeun ka urang Israél. Maranéhna mawa jalma nu nyumpahan ngaran Allah ka luar pakémahan tuluy malédogan manéhna ku batu. Urang Israél ngajalankeunana percis sakumaha paréntah Yéhuwa ka Musa.
Catetan Tambihan
^ As. ”2/10 éfa”. Tingali Lamp. B14.
^ Atawa ”Tulang nu potong bayar tulang nu potong”.