Jabur 142:1-7
Maskil.* Doa Daud waktu manéhna keur aya di guha.
142 Abdi sasambat ménta tulung ka Yéhuwa,Abdi sasambat sangkan dipikarunya ku Yéhuwa.
2 Abdi ngungkabkeun kahariwangan abdi ka Anjeunna,Abdi gé nyaritakeun kasusah abdi ka Anjeunna
3 Waktu abdi pegat harepan.*
Gusti merhatikeun jalan nu diliwatan ku abdi.
Musuh-musuh masang jiretDi jalan nu diliwatan ku abdi.
4 Tingali ka sakurilingeun abdi,Teu aya nu paduli* ka abdi,Teu aya panglumpatan keur abdi,Teu aya nu mikirkeun abdi.
5 Abdi sasambat ménta tulung ka Gusti, nun Yéhuwa.
Ceuk abdi, ”Gusti téh panyalindungan abdi,Abdi teu gaduh sasaha salian ti Gusti.”
6 Dangukeun waktu abdi sasambat ménta tulung,Sabab abdi téh tos bener-bener pegat harepan.
Salametkeun abdi ti jalma-jalma nu nganiaya abdi,Sabab maranéhna téh leuwih kuat tibatan abdi.
7 Bébaskeun abdi ti tempat nu kawas panjara ieu,Supaya abdi tiasa muji nami Gusti.
Mugia abdi dikurilingan ku jalma-jalma bener,Lantaran Gusti bageur ka abdi.