Jabur 73:1-28

  • Hamba Allah boga pandangan nu bener deui

    • ”Léngkah abdi téh ampir-ampiran nyimpang ti jalan nu bener” (2)

    • ”Sapoé jeput abdi nyanghareupan masalah” (14)

    • ’Abdi asup ka tempat suci milik Allah’ (17)

    • Jalma jahat aya di taneuh nu leueur (18)

    • Ngaraketan Allah téh kacida hadéna (28)

Lagu karangan Asaf. 73  Allah téh bageur pisan ka Israél, ka jalma-jalma nu haténa murni.  2  Tapi léngkah abdi téh ampir-ampiran nyimpang ti jalan nu bener,Abdi ampir-ampiran tisolédat.  3  Abdi téh sirik ningali jalma-jalma sombong,*Abdi sirik ningali jalma jahat hirupna senang.  4  Maranéhna téh saréhat jeung karuat,*Pas maot gé tenang.  5  Maranéhna mah teu baroga masalah kawas batur,Maranéhna gé teu sangsara kawas nu séjén.  6  Éta sababna kasombongan téh lir kongkorong maranéhna,Kakejeman téh lir pakéan maranéhna.  7  Panon maranéhna naronjol bakating ku lintuh.* Naon nu dipiboga ku maranéhna téh leuwih ti nu diarep-arep dina haténa.  8  Maranéhna téh resep moyokan, omonganana gé jahat. Ku sombongna, maranéhna ngancem rék nindes batur.  9  Omongan maranéhna téh meni luhur, saluhur langit,Létahna dipaké ngomong sangeunahna di bumi. 10  Ku kituna, umat Allah nuturkeun maranéhnaSarta nginum tina cai maranéhna nu loba. 11  Ceuk maranéhna, ”Mémangna Allah nyaho? Mémangna Nu Maha Agung nyaho sagalana?” 12  Tah siga kitu jalma jahat téh, hirupna euweuh kapusing,Malah beuki baleunghar. 13  Jang naon abdi ngajaga haté tetep murniSarta nunjukkeun abdi teu salah?* 14  Sapoé jeput abdi nyanghareupan masalah,Unggal isuk abdi ditegor ku Allah. 15  Tapi lamun ieu kabéh diomongkeun ku abdi,Abdi téh ngahianat ka umat Gusti. 16  Lamun éta dipikiran ku abdi,Abdi kalah ka lieur sorangan. 17  Tapi waktu abdi asup ka tempat suci nu agung milik Allah,Kakara abdi ngarti mangsa ka hareup maranéhna. 18  Maranéhna ku Gusti ditempatkeun di taneuh nu leueur,Sina lalabuh jeung binasa. 19  Sakiceup panon maranéhna ditumpes! Maranéhna ujug-ujug cilaka tuluy maot! 20  Nun Yéhuwa, maranéhna téh siga impian saurang jalma, pas hudang téh jol buyar. Barang Gusti cengkat, maranéhna dipopohokeun* ku Gusti. 21  Harita haté abdi téh sedih,Batin gé meni kasiksa. 22  Abdi téh bodo jeung teu ngarti nanaon. Abdi kawas sato nu teu boga akal di payuneun Gusti. 23  Tapi ayeuna abdi terus sasarengan jeung Gusti,Gusti nyekel panangan katuhu abdi. 24  Gusti ngabingbing abdi ku naséhat Gusti,Sarta ku lantaran Gusti, ahirna abdi nampi kamulyaan. 25  Saha deui kagaduh abdi di sorga? Salami gaduh Gusti, abdi teu butuh nanaon deui di bumi. 26  Awak sarta haté abdi bisa waé lemah,Tapi Allah nguatkeun haté abdi. Anjeunna téh gunung batu sarta kagaduh abdi salamina. 27  Jalma-jalma nu ninggalkeun Gusti pasti musna. Gusti bakal ngabinasakeun* saha waé nu teu satia ka Gusti.* 28  Kanggo abdi mah ngaraketan Gusti téh kacida hadéna. Abdi nyalindung ka Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung,Supaya tiasa nguarkeun sagala padamelan Gusti.

Catetan Tambihan

Atawa ”garedé omong”.
Atawa ”Beuteungna téh bucitreuk”.
Atawa ”makmur”.
Atawa ”Sarta ngumbah leungeun nandakeun abdi teu salah”.
As. ”direndahkeun”.
As. ”ngabungkem”.
Atawa ”nu tindakanana kawas jalma nu jinah”.