Kajadian 12:1-20
12 Yéhuwa ngomong ka Abram, ”Jung indit ti nagri manéh, tinggalkeun baraya jeung kulawarga bapa manéh. Kuring bakal nuduhkeun ka nagri mana manéh kudu indit.
2 Ku Kuring manéh bakal dijadikeun bangsa nu gedé, manéh bakal diberkahan, ngaran manéh bakal kamashur, sarta manéh bakal jadi berkah keur batur.
3 Kuring bakal ngaberkahan saha waé nu ngaberkahan manéh jeung bakal ngutuk saha waé nu ngutuk manéh. Ku jalan manéh, sakabéh kulawarga di bumi tangtu meunang berkah.”
4 Jadi, Abram indit sakumaha nu diparéntahkeun ku Yéhuwa. Lot gé milu. Umur Abram 75 taun basa manéhna ninggalkeun Haran.
5 Abram indit ka tanah Kanaan bareng jeung Sarai pamajikanana, Lot alona, sarta sakabéh palayan nu dibawa ti Haran. Maranéhna gé mawa sakabéh barang nu geus dikumpulkeun ku maranéhna. Waktu maranéhna nepi di tanah Kanaan,
6 Abram ngideran tanah éta nepi ka daérah Syikhém, deukeut tatangkalan gedé Moré. Harita, tanah éta dicicingan ku urang Kanaan.
7 Tuluy Yéhuwa némbongan ka Abram jeung ngomong, ”Ku Kuring tanah ieu bakal dibikeun ka turunan* manéh.” Jadi, manéhna nyieun mézbah di dinya keur Yéhuwa nu némbongan ka manéhna.
8 Ka dieunakeun, manéhna pindah ka daérah pagunungan di wétaneun Bétel. Tuluy, manéhna masang kémah di antara Bétel jeung Ai (Bétel di beulah kulon jeung Ai di beulah wétan). Di dinya, manéhna nyieun mézbah keur Yéhuwa sarta mimiti nyebut ngaran Yéhuwa.
9 Geus kitu, Abram ngabongkar kémah terus indit ngajugjug ka Négéb. Salila perjalanan, manéhna eureun di sababaraha tempat jeung masang kémah.
10 Harita di tanah éta aya kalaparan nu kacida parahna, ku kituna Abram ngungsi sakeudeung ka* Mesir.
11 Pas téréh nepi di Mesir, manéhna ngomong ka Sarai pamajikanana, ”Nyai, déngékeun nya, Nyai téh geulis pisan.
12 Jadi lamun urang Mesir ningali Nyai, maranéhna pasti nyaho Nyai téh pamajikan Akang. Tangtu Akang engké dipaéhan, ari Nyai mah moal.
13 Geus, béjakeun wéh Nyai téh adi Akang, ngarah Akang teu dikukumaha jeung teu dipaéhan ku lantaran Nyai.”
14 Teu lila sanggeus Abram nepi di Mesir, urang Mesir naringalikeun yén manéhna téh datang bareng jeung awéwé nu geulis pisan.
15 Para pajabat Firaun gé ningali awéwé éta jeung muji-muji manéhna di hareupeun Firaun, jadi awéwé éta dibawa ka istanana Firaun.
16 Firaun ngabageuran Abram pédah awéwé éta. Manéhna méré domba, sapi, kaldé jalu jeung bikang, onta, sarta palayan awéwé jeung lalaki.
17 Tapi ku lantaran Sarai pamajikanana Abram, Yéhuwa ngadatangkeun panyakit nu parah* ka Firaun jeung saeusi istanana.
18 Ku kituna, Firaun ngageroan Abram, seug ngomong kieu, ”Ku naon manéh bet kitu? Ku naon teu ngabéjaan urang, awéwé éta téh pamajikan manéh?
19 Ku naon bet ngaku awéwé éta téh adi manéh? Ampir-ampiran dikawin ku urang. Yeuh pamajikan manéh. Jung bawa indit!”
20 Jadi Firaun maréntahkeun palayan-palayanna sina ngawal Abram, pamajikanana, jeung sagala pangabogana kaluar ti Mesir.