Kajadian 27:1-46
27 Waktu Ishak geus kolot jeung panonna geus teu awas, manéhna ngageroan Ésau anak cikalna, ”Jang!” Dijawabna, ”Kulan, Pa?”
2 Ishak neruskeun, ”Bapa téh geus kolot, geus téréh maot.
3 Jadi ayeuna mah cokot busur jeung panahna. Jung indit, pangmorokeun sato leuweung keur Bapa,
4 sok olah ku manéh, jieun dahareun nu ngeunah karesep Bapa. Seug bawa ka dieu, engké ku Bapa didahar. Geus kitu, Bapa rék ngaberkahan manéh saacan Bapa maot.”
5 Ti dinya Ésau indit moro sato leuweung keur dibawa balik. Ari pék téh Ribka ngadéngé obrolan Ishak jeung Ésau.
6 Jadi Ribka ngomong ka Yakub, ”Bieu Mamah ngadéngé si Bapa ngomong kieu ka Ésau lanceuk manéh,
7 ’Pangmorokeun sato leuweung tuluy olah jadi dahareun nu ngeunah keur Bapa, engké ku Bapa didahar. Geus kitu, Bapa rék ngaberkahan manéh di hareupeun Yéhuwa saacan Bapa maot.’
8 Sok ayeuna mah déngékeun Mamah nya, tuturkeun omongan Mamah.
9 Jung indit pangmawakeun dua embé ngora nu pangalusna ti ingon-ingon urang. Engké ku Mamah dipangmasakkeun dahareun nu ngeunah karesep si Bapa.
10 Tuluy bawa ku manéh ka si Bapa sina didahar, supaya si Bapa ngaberkahan manéh saacan si Bapa maot.”
11 Yakub ngomong ka Ribka indungna, ”Tapi pan Ésau mah awakna buluan, ari abdi mah henteu.
12 Kumaha lamun abdi dicabak ku si Bapa? Tangtu dianggapna abdi téh keur ngabobodo si Bapa. Engké lainna diberkahan, abdi kalah ka dikutuk.”
13 Ngadéngé kitu indungna némbalan, ”Keun wéh kutukan éta Mamah nu nanggung. Sok nurut wéh ka Mamah, bawa ka dieu embéna.”
14 Yakub indit nyokot embé, tuluy éta dibawa ka indungna. Ku indungna dipasak jadi dahareun nu ngeunah karesep bapana.
15 Geus kitu, Ribka nyokot baju Ésau nu pangalusna nu disimpen di imah, tuluy éta dipakékeun ka Yakub.
16 Manéhna gé nyokot bulu embé éta tuluy ditapelkeun kana leungeun jeung beuheung Yakub nu teu buluan.
17 Terus dahareun nu ngeunah jeung roti nu dijieun ku manéhna dibikeun ka Yakub.
18 Jadi Yakub indit manggihan bapana, tuluy ngomong, ”Bapa!” dijawabna, ”Enya, anaking. Saha éta, Ésau atawa Yakub?”
19 Yakub ngomong ka bapana, ”Abdi téh Ésau anak cikal Bapa. Abdi tos ngalaksanakeun paménta Bapa. Mangga calik, sok tuang daging kénging abdi moro. Saatosna, Bapa tiasa ngaberkahan abdi.”
20 Ceuk Ishak, ”Meni gancang kitu beubeunangan téh, Jang.” Dijawab ku Yakub, ”Abdi dibantuan ku Yéhuwa Allahna Bapa.”
21 Tuluy Ishak ngomong ka Yakub, ”Cikan ka dieu, Bapa rék nyabak manéh. Bapa hayang nyaho manéh téh bener Ésau atawa lain.”
22 Seug Yakub nyampeurkeun Ishak bapana. Sanggeus nyabak Yakub, Ishak ngomong kieu, ”Sorana sora Yakub, ari leungeunna leungeun Ésau.”
23 Ishak teu apaleun éta téh Yakub, lantaran leungeunna buluan siga leungeun Ésau. Jadi ku manéhna diberkahan.
24 Geus kitu Ishak nanya, ”Bener manéh téh Ésau?” Dijawabna, ”Bener, Pa.”
25 Ceuk Ishak, ”Sok bawa ka dieu daging meunang moro téh, ku Bapa rék didahar. Geus kitu, Bapa rék ngaberkahan manéh.” Sor dahareun jeung cianggur téh diasongkeun ka bapana, tuluy éta didahar jeung diinum ku bapana.
26 Geus kitu, Ishak bapana ngomong kieu, ”Sok ka dieu Jang, cium Bapa.”
27 Jadi Yakub nyampeurkeun jeung nyium bapana. Ishak bisa ngambeu bau bajuna, tuluy Ishak ngaberkahan kieu,
”Seungit anak Bapa siga seungit tegalan nu diberkahan ku Yéhuwa.
28 Mugia Allah nu bener nurunkeun ibun ti langit, masihan tanah nu subur di bumi, sarta masihan sisikian jeung cianggur anyar nu limpah keur manéh.
29 Suku-suku bangsa bakal ngalalayanan manéh sarta bangsa-bangsa bakal tarunduk ka manéh. Manéh bakal jadi dunungan dulur-dulur manéh, sarta anak-anak indung manéh bakal tarunduk ka manéh. Sing dikutuk saha waé nu ngutuk manéh, sarta sing diberkahan saha waé nu ngaberkahan manéh.”
30 Waktu Ishak kakara bérés ngaberkahan Yakub, sarta Yakub kakara ninggalkeun Ishak bapana, torojol Ésau datang balik moro.
31 Ésau gé masak dahareun nu ngeunah, tuluy éta dibawa ka bapana. Ésau ngomong kieu, ”Bapa geura gugah, sok ieu tuang daging kénging abdi moro. Saatosna, Bapa tiasa ngaberkahan abdi.”
32 Ngadéngé kitu Ishak nanya, ”Manéh saha?” dijawabna, ”Abdi Ésau anak cikal Bapa.”
33 Ishak ngadégdég tuluy ngomong kieu, ”Ari tadi saha atuh nu moro jeung mawa dagingna ka Bapa? Bapa geus dahar saacan manéh datang. Bapa gé geus ngaberkahan manéhna. Nya manéhna nu bakal meunang berkah!”
34 Ngadéngé omongan bapana kitu, Ésau ngajerit meni tarik ku sedih-sedihna, tuluy ngomong kieu ka bapana, ”Berkahan abdi ogé atuh, Pa!”
35 Tapi ceuk bapana, ”Adi manéh geus nipu Bapa supaya meunang berkah nu sakuduna keur manéh.”
36 Ku kituna Ésau ngomong, ”Pantes wéh manéhna dingaranan Yakub,* da geus dua kali manéhna ngarebut milik abdi. Hak cikal abdi geus dicokot, ayeuna berkah abdi gé dicokot!” Manéhna neruskeun, ”Aya deui teu berkah sanésna keur abdi?”
37 Tapi Ishak ngajawab, ”Bapa geus netepkeun manéhna jadi dunungan manéh, sarta sakabéh dulurna jadi palayanna. Bapa gé geus ngomong yén bakal aya loba sisikian jeung cianggur anyar keur manéhna. Bapa geus teu boga nanaon deui jang manéh, anaking.”
38 Ceuk Ésau ka bapana, ”Bapa, aya teu hiji wéh berkah keur abdi? Berkahan abdi ogé atuh, Pa!” Geus kitu Ésau ceurik meni tarik.
39 Jadi Ishak bapana ngomong ka manéhna,
”Manéh moal bakal matuh di tanah nu subur sarta moal meunang ibun ti langit.
40 Manéh kudu terus ngagunakeun pedang saumur-umur, sarta ngalalayanan adi manéh. Tapi lamun manéh geus teu tahan deui, manéh bisa ngabébaskeun diri ti manéhna.”*
41 Ésau jadi ngéwa pisan ka Yakub lantaran bapana geus ngaberkahan Yakub. Ésau terus ngomong kieu di jero haténa, ”Si Bapa geus téréh maot. Sanggeusna, si Yakub ku aing rék dipaéhan.”
42 Waktu rencana Ésau dibéjakeun ka Ribka, Ribka langsung ngageroan Yakub tuluy ngomong, ”Ésau lanceuk manéh ambek pisan, manéh rék dipaéhan.
43 Sok ayeuna mah nurut ka Mamah. Jung kabur ka Laban lanceuk Mamah di Haran.
44 Sok cicing heula di ditu nepi ka lanceuk manéh tenang,
45 geus teu ambek deui ka manéh, sarta geus poho kana tindakan manéh. Mun geus kitu, engké Mamah nitah jalma sina mawa balik manéh. Mamah embung kaleungitan dua anak Mamah sakaligus.”
46 Sanggeusna, Ribka teterusan ngomong kieu ka Ishak, ”Hirup abdi téh jadi nalangsa gara-gara awéwé-awéwé Hét éta. Lamun Yakub gé kawin jeung awéwé Hét siga kitu, awéwé di nagri ieu, mending kénéh paéh abdi mah.”
Catetan Tambihan
^ Hartina ”Jalma nu Nyekel Keuneung; Jalma nu Ngarebut”.
^ As. ”bisa motongkeun kai tanggungan tina beuheung manéh”.