Kisah Para Rasul 10:1-48
10 Di Kaisaréa, aya hiji kapala pasukan* nu ngaranna Kornélius. Pasukanna disebut pasukan* Italia.
2 Manéhna téh jalma soléh sarta nyembah ka Allah bareng jeung kulawargana. Manéhna gé osok méré sidekah ka jalma-jalma jeung terus husu ngadoa ka Allah.
3 Dina hiji poé kira-kira jam tilu soré, manéhna meunang titingalian. Manéhna ningali jelas malaikat Allah datang jeung ngageroan, ”Kornélius!”
4 Sieun-sieun ogé, Kornélius ngajawab bari neuteup, ”Kulan, Juragan?” Ceuk éta malaikat, ”Doa jeung sidekah manéh geus diperhatikeun jeung diinget ku Allah.
5 Ayeuna kirim utusan ka Yopa sina manggihan jalma nu ngaranna Simon, nu disebut Pétrus, jeung titah manéhna ka dieu.
6 Manéhna keur aya di imahna tukang nyieunan bahan tina kulit nu ngaranna Simon, imahna téh di sisi laut.”
7 Sanggeus ngomong kitu, malaikat éta indit. Tuluy Kornélius ngageroan dua palayanna jeung hiji prajuritna nu soléh.
8 Manéhna nyaritakeun sagalana jeung ngutus maranéhna ka Yopa.
9 Isukna, basa maranéhna keur di jalan jeung téréh nepi ka éta kota, Pétrus naék ka hateup imah kira-kira jam 12 beurang* pikeun ngadoa.
10 Tapi manéhna ngarasa lapar pisan, hayangeun dahar. Waktu dahareun keur disiapkeun, manéhna meunang titingalian.
11 Manéhna ningali langit muka, seug aya nu turun siga kaén rubak nu opat juruna siga keur dicekelan tuluy diturunkeun ka bumi.
12 Bréh eusina téh sagala rupa sasatoan: nu sukuna opat, nu ngarayap,* jeung bangsa manuk.
13 Geus kitu aya sora nu ngomong ka manéhna, ”Cengkat Pétrus, éta peuncit, tuluy dahar!”
14 Tapi Pétrus ngajawab, ”Moal atuh Juragan, abdi mah tara ngadahar naon waé nu haram atawa najis.”
15 Sora éta ngomong deui kadua kalina, ”Tong nganggap haram sagala nu geus dihalalkeun ku Allah.”
16 Sora éta ngomong deui katilu kalina, geus kitu éta kaén ditarik ka langit.
17 Pétrus keur bingung kénéh kana harti titingalian éta, jol jalma-jalma nu diutus ku Kornélius datang. Maranéhna narangtung di gerbang imah nanyakeun di mana imahna Simon.
18 Maranéhna ngageroan nu boga imah jeung nanyakeun bener teu di dinya aya tamu nu ngaranna Simon nu disebut Pétrus.
19 Basa Pétrus masih mikiran titingalian éta, Allah ngomong liwat kawasa suci-Na, ”Tuh, aya tilu lalaki keur néangan manéh.
20 Geura cengkat, turun, tuluy milu jeung maranéhna. Ulah cangcaya deui sabab Kuring nu ngutus maranéhna.”
21 Geus kitu, Pétrus turun manggihan maranéhna jeung ngomong, ”Urang nu ditéangan ku aranjeun téh. Aya perlu naon?”
22 Ceuk maranéhna, ”Urang-urang téh diutus ku Kornélius, saurang kapala pasukan nu lalampahanana bener jeung nyembah ka Allah. Anjeunna boga ngaran alus di kalangan urang Yahudi. Anjeunna dibéré pituduh ku Allah liwat malaikat suci supaya ngondang anjeun ka imahna pikeun ngadangukeun naon nu rék diomongkeun ku anjeun.”
23 Jadi maranéhna dititah asup jeung mondok di dinya.
Isukna, Pétrus indit bareng jeung maranéhna, sababaraha dulur ti Yopa gé milu indit.
24 Isukna deui, manéhna nepi ka Kaisaréa. Maranéhna geus diarep-arep ku Kornélius nu geus ngumpulkeun baraya jeung sobat-sobatna.
25 Barang Pétrus nepi, Kornélius mapagkeun manéhna. Bruk Kornélius sideku tuluy sujud di hareupeunana.
26 Tapi ku Pétrus ditangtungkeun jeung ngomong, ”Ngadeg, urang gé sarua manusa.”
27 Bari ngobrol jeung Kornélius, Pétrus asup ka jero imah jeung ningali aya loba jalma ngariung.
28 Pétrus ngomong ka maranéhna, ”Aranjeun apal pisan saurang Yahudi teu meunang gaul atawa nyampeurkeun jalma ti bangsa séjén, tapi Allah geus nunjukkeun yén urang teu meunang nganggap haram atawa najis ka sasama jalma.
29 Jadi waktu diondang ka dieu, urang teu asa-asa datang. Ayeuna, urang rék nanya, ku naon urang diondang ka dieu?”
30 Tuluy ceuk Kornélius, ”Opat poé ka tukang, kira-kira wayah kieu, jam tilu soré,* abdi ngadoa di imah. Ari pék téh jleg aya lalaki nu pakéanana caang nangtung di hareupeun abdi
31 jeung ngomong, ’Kornélius, doa manéh geus didangu ku Allah jeung sidekah manéh geus diinget ku Allah.
32 Ku kituna, kirim utusan ka Yopa jeung titah ka dieu Simon nu disebut Pétrus. Manéhna keur aya di imahna tukang nyieunan bahan tina kulit nu ngaranna Simon, imahna téh di sisi laut.’
33 Abdi langsung ngirim utusan ka Bapa. Hatur nuhun Bapa tiasa datang ka dieu. Ayeuna, abdi sadaya ngarumpul di hareupeun Allah téh pikeun ngadéngékeun sagala nu diparéntahkeun Yéhuwa ka Bapa, nu rék ditepikeun ka abdi sadaya.”
34 Jadi, Pétrus ngomong, ”Ayeuna urang paham Allah mah teu ngabéda-béda jalma.
35 Tapi, jalma-jalma ti bangsa naon waé nu hormat ka Anjeunna jeung ngalampahkeun nu bener ditarima ku Anjeunna.
36 Ka urang Israél, Anjeunna geus nepikeun warta hadé ngeunaan katengtreman nu diwujudkeun ku Isa Al-Masih, nyaéta Juraganna sakabéh jalma.
37 Aranjeun apal sanggeus Yahya ngawarta ngeunaan baptisan, jalma-jalma di sakuliah Yudéa, mimiti ti Galiléa, ngomongkeun ngeunaan
38 Isa nu asalna ti Nazarét, kumaha Allah ngalantik manéhna ku kawasa suci jeung méré manéhna kawasa, sarta kumaha manéhna ngider di sakuliah nagri bari nyieun kahadéan jeung nyageurkeun kabéh nu ditindes ku Iblis, lantaran manéhna disarengan ku Allah.
39 Urang kabéh nyaksian sagala nu dilakukeun ku manéhna di daérah-daérah urang Yahudi kitu ogé di Yérusalém, tapi manéhna kalah ka dipaéhan ku cara digantung dina tihang.*
40 Dina poé nu katilu, manéhna dihirupkeun deui ku Allah sangkan jalma-jalma bisa ningali manéhna,
41 tapi teu kabéh jalma bisa, ngan saksi-saksi nu dilantik saacanna ku Allah, nyaéta urang-urang, nu dahar jeung nginum bareng jeung manéhna sanggeus dihirupkeun deui.
42 Manéhna gé nitah urang ngawawar ka jalma-jalma jeung méré kasaksian sajéntré-jéntréna yén manéhna téh nu ditetepkeun ku Allah pikeun ngahakiman nu hirup jeung nu maot.
43 Kabéh nabi méré kasaksian ngeunaan Isa. Ceuk maranéhna, ku ngaran Isa, Allah bakal ngahampura sakabéh jalma nu boga iman ka manéhna.”
44 Basa Pétrus masih ngomong kénéh, kabéh jalma nu ngadéngékeun kekecapan éta narima kawasa suci.
45 Murid-murid* nu milu jeung Pétrus arolohokeun, sabab kurnia kawasa suci geus dibikeun ogé ka jalma-jalma ti bangsa séjén.
46 Maranéhna gé ngadéngé jalma-jalma éta ngomong maké basa-basa séjén jeung ngamulyakeun Allah. Tuluy ceuk Pétrus,
47 ”Maranéhna geus narima kawasa suci kawas urang, jadi saha nu bisa ngalarang maranéhna dibaptis ku cai?”
48 Geus kitu, manéhna nitah supaya maranéhna dibaptis ku ngaran Isa Al-Masih. Tuluy maranéhna ménta Pétrus mondok di dinya sababaraha poé.
Catetan Tambihan
^ Atawa ”sénturion”, nyaéta nu ngapalaan 100 prajurit.
^ Atawa ”kohor”, nyaéta pasukan Romawi nu anggotana aya 600 prajurit.
^ As. ”jam nu kagenep [sanggeus meleték panonpoé]”.
^ Atawa ”réptil”.
^ As. ”jam nu kasalapan [sanggeus meleték panonpoé]”.
^ Atawa ”tangkal”.
^ As. ”Jalma-jalma percaya nu geus disunat”.