Nu Ditulis ku Lukas 20:1-47

  • Isa ditanya saha nu nitahna (1-8)

  • Ibarat ngeunaan nu nyaréwa kebon nu jahat (9-19)

  • Allah jeung Kaisar (20-26)

  • Pananya ngeunaan jalma nu dihirupkeun deui (27-40)

  • Al-Masih téh putrana Daud kitu? (41-44)

  • Ati-ati ka ahli Torét (45-47)

20  Hiji poé, basa Isa keur ngajar di bait jeung nguarkeun warta hadé, para imam kapala, para ahli Torét, jeung para pamingpin nyampeurkeun 2  tuluy ngomong ka manéhna, ”Cik béjaan, naon hak manéh ngalakukeun hal-hal ieu? Saha nu nitah manéh?” 3  Manéhna ngajawab, ”Urang rék nanya heula ka maranéh. Cik béjaan, 4  nu nitah Yahya ngabaptis téh Allah di sorga atawa manusa?” 5  Maranéhna ngabahas hal ieu, cenah, ”Mun urang ngajawab, ’Allah di sorga,’ atuh engké manéhna ngomong, ’Naha atuh maranéh bet teu percaya ka manéhna?’ 6  Tapi mun ngajawab, ’Manusa,’ atuh urang-urang engké dibalédogan ku jalma-jalma da maranéhna percaya Yahya téh nabi.” 7  Jadi, maranéhna ngajawab teu nyaho. 8  Isa ngomong ka maranéhna, ”Mun kitu urang gé moal méré nyaho saha nu nitah urang ngalakukeun hal-hal ieu.” 9  Tuluy manéhna nyaritakeun ibarat ieu ka jalma-jalma, ”Saurang lalaki boga kebon anggur nu diséwakeun sina digarap ku nu séjén, terus manéhna lila indit ka luar nagri. 10  Pas keur usum panén, manéhna nitah saurang pagawéna nyokot sabagian hasil tina kebon anggurna. Tapi ku nu nyaréwa, pagawé éta kalah ka digebugan tuluy dititah indit bari teu dibéré nanaon. 11  Manéhna ngutus pagawé nu séjén. Nu ieu gé digebugan, dihina-hina,* jeung dititah indit bari teu dibéré nanaon. 12  Manéhna ngutus deui nu katilu, ieu gé diteunggeulan jeung diusir. 13  Jadi, nu boga kebon mikir, ’Kudu kumaha, nya? Cik ayeuna mah urang rék nitah anak urang nu dipikanyaah. Sigana ka anak urang mah bakal ngahormat.’ 14  Waktu nu nyaréwa ningali anak nu boga kebon, maranéhna ngaromong kieu, ’Tuh tempo ahli warisna datang, hayu urang podaran ngarah warisanana jadi milik urang.’ 15  Jadi, manéhna diséréd ka luareun kebon anggur tuluy dipaéhan. Naon nu bakal dilakukeun ku nu boga kebon ka maranéhna? 16  Manéhna bakal ngontrog jeung maéhan nu nyaréwa, tuluy kebonna diséwakeun ka nu séjén.” Ngadéngé kitu, jalma-jalma ngomong, ”Moal, moal nepi ka kitu!” 17  Tapi Isa neuteup maranéhna terus ngomong, ”Mun kitu, naon atuh hartina ayat ieu, ’Batu nu teu kapaké ku tukang bangunan geus jadi batu nu utama’?* 18  Saha waé nu tibeubeut kana batu éta bakal ancur, jeung saha waé nu katinggang batu éta bakal remuk.” 19  Ngadéngé kitu, para ahli Torét jeung imam kapala nyaho nu dimaksud dina ibarat éta téh maranéhna. Jadi harita kénéh maranéhna hayang néwak Isa, tapi teu wani da sieun ku jalma réa. 20  Maranéhna néang-néang kasempetan, tuluy cicing-cicing nyogok sababaraha jalma dititah pura-pura jadi jalma nu boga niat hadé. Tujuanana téh rék néangan kasalahan tina omongan Isa sangkan bisa diserahkeun ka pamaréntah jeung ka gubernur. 21  Maranéhna nanya kieu ka Isa, ”Guru, urang apal naon nu diomongkeun jeung diajarkeun ku Guru téh bener. Guru gé tara ngabéda-béda, tapi ngajarkeun nu bener ngeunaan Allah. 22  Meunang teu urang mayar pajeg* ka Kaisar?” 23  Tapi Isa nyaho niat licik maranéhna, tuluy némbalan, 24  ”Cik ka dieukeun duit dinar.* Gambar jeung ngaran saha ieu?” Maranéhna ngajawab, ”Kaisar.” 25  Ceuk Isa, ”Jadi, bayar ka Kaisar naon nu jadi hakna Kaisar, tapi bayar ka Allah naon nu jadi hakna Allah.” 26  Maranéhna teu bisa néangan kasalahan tina omongan Isa di hareupeun loba jalma. Maranéhna kalah ka ngabetem bakating ku tajub. 27  Geus kitu, datang sababaraha urang Saduki. Maranéhna téh teu percaya jalma nu maot bisa dihirupkeun deui. Maranéhna nanya, 28  ”Guru, Musa nulis, ’Lamun saurang lalaki maot, ninggalkeun pamajikanana tapi teu boga budak, lanceuk atawa adi lalakina kudu kawin jeung pamajikan manéhna ngarah bisa neruskeun turunanana.’ 29  Tah, aya tujuh adi lanceuk. Nu panggedéna kawin, tapi terus maot jeung teu boga budak. 30  Urut pamajikanana dikawin ku nu kadua, 31  tuluy ku nu katilu, kitu terus nepi ka nu katujuh jeung kabéhanana maot tapi teu boga budak. 32  Tungtungna, awéwé éta ogé maot. 33  Jadi, waktu dihirupkeun deui, awéwé éta jadi pamajikan saha? Sabab tujuhanana pernah kawin jeung awéwé éta.” 34  Isa ngomong ka maranéhna, ”Jalma-jalma dina jaman* ieu mah kawin jeung dikawinkeun. 35  Tapi jalma nu layak dihirupkeun deui jeung meunangkeun kahirupan dina jaman* nu bakal datang, moal kawin atawa dikawinkeun. 36  Malah maranéhna moal bisa maot deui, sabab maranéhna siga malaikat. Maranéhna gé jadi anak-anak Allah lantaran geus dihirupkeun deui. 37  Ngeunaan dihirupkeunana nu maot, Musa ogé pernah nyebutkeun ieu dina kisah rungkun cucuk. Ceuk manéhna, Yéhuwa téh ’Allahna Ibrahim, Allahna Ishak, jeung Allahna Yakub’. 38  Anjeunna téh Allahna jalma hirup, lain Allahna jalma paéh. Dina pandangan Anjeunna, maranéhna kabéh téh hirup.” 39  Ku kituna, sababaraha ahli Torét ngomong, ”Omongan Guru téh bener.” 40  Sabab maranéhna geus teu wani tunya-tanya deui. 41  Isa malik nanya, ”Ku naon jalma-jalma nyebutkeun Al-Masih téh putrana Daud? 42  Tapi, Daud sorangan nyebutkeun dina kitab Jabur, ’Ceuk Yéhuwa ka Juragan abdi, ”Diuk di katuhueun Kuring 43  nepi ka Kuring nalukkeun kabéh musuh manéh di handapeun suku manéh.”’ 44  Daud nyebut manéhna Juragan, jadi mana bisa Al-Masih téh putrana?” 45  Tuluy, waktu kabéh jalma ngadéngékeun, Isa ngomong ka murid-muridna, 46  ”Ati-ati ka ahli-ahli Torét nu karesepna leuleumpangan di pasar-pasar bari maké jubah panjang jeung resep lamun jalma-jalma di dinya pada ngucapkeun salam. Di tempat ibadah, maranéhna hayang diuk panghareupna.* Di hajatan gé, maranéhna hayang diuk di tempat keur jalma-jalma penting. 47  Maranéhna ngarampas imah* randa-randa, jeung doana gé pararanjang da hayang pamér. Nu siga kitu téh bakal narima hukuman nu leuwih parah.”*

Catetan Tambihan

Atawa ”direndahkeun”.
As. ”batu nu di juru”.
Ieu téh pajeg nu kudu dibayar ku unggal jalma.
Atawa ”sistim dunya”. Tingali Daptar Istilah.
Atawa ”sistim dunya”. Tingali Daptar Istilah.
Atawa ”di tempat nu pangalusna”.
Atawa ”pangaboga”.
Atawa ”beurat”.