Nu Ditulis ku Lukas 24:1-53
24 Dina poé nu kahiji minggu éta, isuk-isuk pisan, maranéhna datang ka makam bari mawa rempah-rempah nu geus disiapkeun.
2 Pas nepi, maranéhna ningali batu tutup makam geus digulingkeun.
3 Barang asup, jasadna Juragan Isa téh euweuh.
4 Maranéhna keur ngaharuleng kénéh, bréh aya dua lalaki narangtung deukeut maranéhna, papakéanana cahayaan.
5 Bakating ku sieun, awéwé-awéwé éta tarungkul. Jadi dua lalaki éta ngomong, ”Ku naon maranéh néangan nu hirup di tempat nu maot?
6 Manéhna euweuh di dieu, geus dihirupkeun deui. Inget omongan manéhna basa keur di Galiléa,
7 Putra manusa kudu diserahkeun ka jelema-jelema dosa, dipaéhan dina tihang, jeung dina poé katilu dihirupkeun deui.”
8 Ras maranéhna inget kana omongan Isa.
9 Tuluy maranéhna indit ti makam jeung ngalaporkeun kajadianana ka 11 rasul jeung ka murid-murid séjénna.
10 Nu ngalapor ka para rasul téh Maryam Magdaléna, Yohana, Maryam indungna Yakobus, jeung awéwé-awéwé séjén nu bareng jeung maranéhna.
11 Tapi, caritaan awéwé-awéwé éta teu dipercaya ku para rasul jeung murid-murid séjénna, dianggapna téh omong kosong.
12 Ari Pétrus langsung lumpat ka makam. Manéhna dongko jeung ngalongok ka jero makam, nu katempo téh ngan kaén linén hungkul. Jadi manéhna indit bari bingung ku kajadian ieu.
13 Poé éta kénéh, dua murid keur leumpang rék ngajugjug kampung nu ngaranna Émaus, kira-kira 11 kilométer* ti Yérusalém.
14 Maranéhna keur ngobrolkeun sagala nu anyar kajadian.
15 Basa maranéhna keur ngobrol jeung ngabahas kajadian-kajadian éta, Isa nyampeurkeun tuluy leumpang bareng jeung maranéhna.
16 Tapi, maranéhna teu wawuheun.
17 Ku Isa ditanya, ”Keur ngobrolkeun naon maranéh téh?” Leumpangna eureun, maranéhna kaciri sedih.
18 Salah saurang ti maranéhna nu ngaranna Kléopas ngajawab, ”Manéh téh urang asing kitu, teu kenal sasaha di Yérusalém? Teu ngadéngé kitu* aya kajadian naon anyar-anyar ieu?”
19 Isa nanya, ”Kajadian naon?” Ceuk maranéhna, ”Éta, Isa urang Nazarét. Di hareupeun Allah jeung kabéh jalma, kabukti manéhna téh nabi nu ucapan jeung tindakanana gedé kawasana.
20 Tapi, ku imam-imam kapala jeung para pangawasa urang, manéhna diserahkeun supaya dihukum pati, tuluy manéhna dipakukeun dina tihang.
21 Padahal urang ngarep-ngarep manéhna bisa ngabébaskeun Israél. Geus kitu, ayeuna téh poé nu katilu sanggeus kajadian éta.
22 Lain éta hungkul, urang gé meunang béja nu pikareuwaseun ti sababaraha awéwé. Isuk-isuk pisan maranéhna datang ka makam,
23 ari pék téh jasadna Isa euweuh. Cenah maranéhna gé ningali malaikat nu nyebutkeun Isa hirup deui.
24 Jadi, sababaraha ti antara urang indit ka makam. Nu diomongkeun ku awéwé-awéwé éta téh bener, tapi teu panggih jeung Isana mah.”
25 Jadi ceuk manéhna, ”Ku naon maranéh téh teu daék mikir jeung hésé percaya kana sagala nu geus diomongkeun ku para nabi?
26 Lainna geus sakuduna Al-Masih téh ngalaman kabéh kasangsaraan éta ngarah manéhna dimulyakeun?”
27 Ti dinya, manéhna nerangkeun sakabéh hal ngeunaan dirina nu ditulis dina Kitab Suci, mimitina ti tulisan Musa jeung sakabéh Kitab Para Nabi.
28 Ahirna pas téréh nepi ka kampung nu rék dijugjug ku maranéhna, Isa nyirikeun manéhna rék neruskeun perjalanan.
29 Tapi maranéhna ngadesek Isa, ”Geus mondok wéh jeung urang, geus burit jaba téréh poék.” Ku kituna, Isa milu jeung maranéhna.
30 Waktu dahar bareng, Isa nyokot roti, ngucap sukur, rotina disemplékan, jeung dibikeun ka maranéhna.
31 Geus kitu kakara maranéhna engeuh jeung wawuheun ka manéhna. Tapi terus manéhna ngaleungit.
32 Maranéhna pada ngomong kieu, ”Paingan tadi pas ngobrol di jalan, basa manéhna nerangkeun* Kitab Suci, haté urang meni asa ajol-ajolan.”
33 Ti dinya, maranéhna langsung balik ka Yérusalém, tuluy panggih jeung 11 rasul sarta murid-murid séjén nu keur ngarumpul.
34 Ceuk nu karumpul, ”Bener, Juragan geus hirup deui. Manéhna némbongan ka Simon!”
35 Tuluy murid nu duaan téa nyaritakeun kajadian di jalan jeung kumaha maranéhna sadar éta téh Isa basa manéhna nyemplékan roti.
36 Pas maranéhna kabéh ngaromongkeun hal-hal ieu, bréh baé Isa ngadeg di tengah-tengah maranéhna jeung ngomong, ”Mugia maranéh meunang katengtreman.”
37 Maranéhna ngagebeg pacampur jeung sieun lantaran disangkana éta téh mahluk roh.
38 Jadi Isa ngomong ka maranéhna, ”Ku naon bet sarieun, jeung ku naon haté maranéh bet cangcaya?
39 Ieu urang. Tingali yeuh leungeun jeung suku urang. Sok cabak jeung sidik-sidik, da mahluk roh mah henteu dagingan henteu tulangan kawas urang.”
40 Bari ngomong kitu manéhna némbongkeun leungeun jeung sukuna.
41 Tapi maranéhna hésé percaya bakating ku atoh jeung tajub. Tuluy ceuk Isa, ”Boga dahareun teu?”
42 Maranéhna ngasongkeun beuleum lauk sakeureut.
43 Ku Isa dicokot jeung didahar di hareupeun maranéhna.
44 Geus kitu manéhna ngomong, ”Waktu masih kénéh jeung maranéh, urang pernah ngomong, sagala nu ditulis ngeunaan urang dina Hukum Musa, Kitab Para Nabi, jeung Jabur kudu laksana.”
45 Ti dinya manéhna mukakeun pikiran maranéhna supaya bener-bener ngarti kana Kitab Suci.
46 Ceuk manéhna, ”Aya ayat nu nyebutkeun, Al-Masih kudu sangsara, maot, jeung dihirupkeun deui dina poé nu katilu.
47 Ku jalan ngaranna, warta ngeunaan jalma-jalma sina tobat tina dosa jeung dihampura bakal diuarkeun di sakabéh bangsa, dimimitian ti Yérusalém.
48 Maranéh kudu méré kasaksian ngeunaan hal-hal ieu.
49 Urang bakal ngirim ka maranéh naon nu geus dijangjikeun ku Bapa urang. Tapi, maranéh kudu cicing heula di kota nepi ka narima kawasa ti sorga.”
50 Ku Isa maranéhna diajak ka luar kota nepi ka Bétani. Di dinya, Isa ngangkat leungeunna jeung ngaberkahan maranéhna.
51 Waktu ngaberkahan, Isa diangkat ka sorga, ninggalkeun maranéhna.
52 Maranéhna sarujud ka Isa, tuluy marulang ka Yérusalém bari suka bungah.
53 Unggal poé, maranéhna aya di bait, maruji Allah.
Catetan Tambihan
^ As. ”60 setadi”. 1 setadi = 185 m.
^ Atawa bisa jadi, ”Manéh téh hiji-hijina urang asing kitu nu teu nyaho”.
^ Atawa ”ngabolékérkeun”.