Nu Ditulis ku Lukas 9:1-62
-
Ka-12 rasul dibéré pituduh ngawawar (1-6)
-
Hérodés reuwas ku lantaran Isa (7-9)
-
Isa méré dahar 5.000 lalaki (10-17)
-
Pétrus nyaho Isa téh Al-Masih (18-20)
-
Isa méré nyaho bakal dipaéhan (21, 22)
-
Murid Isa nu sajati (23-27)
-
Rupa Isa barobah (28-36)
-
Nyageurkeun budak nu kasurupan roh jahat (37-43a)
-
Isa méré nyaho deui bakal dipaéhan (43b-45)
-
Murid-murid ngaributkeun saha nu pangpunjulna (46-48)
-
Nu teu ngalawan urang, aya di pihak urang (49, 50)
-
Kampung di Samaria nolak Isa (51-56)
-
Cara nuturkeun Isa (57-62)
9 Manéhna ngumpulkeun 12 rasulna jeung méré kawasa pikeun ngusir kabéh roh jahat jeung nyageurkeun panyakit.
2 Isa ngutus maranéhna pikeun ngawawarkeun Pamaréntahan Allah jeung nyageurkeun nu gering.
3 Ceuk Isa, ”Ulah mawa nanaon keur di jalan. Ulah mawa iteuk, kantong dahareun, roti, duit,* atawa baju salin.*
4 Lamun indit ka hiji daérah, pék cicing di salah sahiji imah nepi ka manéh indit deui ti daérah éta.
5 Lamun di hiji kota euweuh nu daék narima maranéh, pék indit ti dinya jeung kebutkeun kekebul tina suku maranéh, tanda maranéhna geus diélingan.”
6 Bral maranéhna arindit ka kabéh kampung di daérah éta pikeun nguarkeun warta hadé jeung nyageurkeun nu gering.
7 Harita, Hérodés,* pangawasa daérah* Galiléa, ngadéngé sakabéh kajadian éta. Manéhna reuwas pisan lantaran jalma-jalma ngomong Yahya geus hirup deui.
8 Tapi, aya nu ngomong éta téh Élia, nu séjénna ngomong éta téh salah saurang nabi jaman baheula nu hirup deui.
9 Ceuk Hérodés, ”Yahya ku aing geus diteukteuk beuheungna. Jadi, éta jelema anu béjana kadéngé ku aing téh saha?” Manéhna panasaran hayang panggih jeung Isa.
10 Pas para rasul baralik, maranéhna nyaritakeun sagala hal nu geus dilakukeun. Terus, Isa indit ka kota Bétsaida, nu diajak téh ngan maranéhna hungkul.
11 Tapi jalma réa nyarahoeun jeung naluturkeun manéhna. Isa soméah narima maranéhna tuluy ngajar maranéhna ngeunaan Pamaréntahan Allah jeung nyageurkeun nu gering.
12 Harita téh geus soré. Jadi, 12 rasul nyampeurkeun Isa jeung ngomong, ”Titah indit atuh jalma-jalma téh sina néangan pamondokan jeung meuli dahareun ka kampung-kampung, sabab tempat ieu téh jauh ti mamana.”
13 Tapi ceuk Isa, ”Maranéh wéh nu méré dahar.” Murid-muridna ngomong, ”Urang teu boga nanaon, ngan aya lima roti jeung dua lauk, kajaba lamun urang indit jeung meuli dahareun keur kabéh jalma ieu.”
14 Harita téh aya kira-kira 5.000 lalaki. Isa ngomong ka murid-murid, ”Maranéhna sina dariuk sakelompok-sakelompok, masing-masing kira-kira 50 urang.”
15 Murid-muridna nurut jeung nitah kabéh jalma dariuk.
16 Manéhna nyokot lima roti jeung dua lauk éta, tanggah ka langit, jeung ngucap sukur. Rotina disemplékan, tuluy roti jeung laukna dibikeun ka murid-muridna supaya dibagi-bagikeun ka jalma réa.
17 Kabéh dalahar nepi ka wareg. Tuluy sésana dikumpulkeun, aya 12 karanjang pinuh.
18 Ka dieunakeun, waktu Isa keur ngadoa sorangan, murid-muridna daratang. Tuluy ku Isa ditanya, ”Ari ceuk jalma réa, urang téh saha?”
19 Maranéhna ngajawab, ”Yahya Jurubaptis, tapi aya nu nyebutkeun Élia, aya ogé nu nyebutkeun salah sahiji nabi jaman baheula nu hirup deui.”
20 Manéhna nanya deui, ”Ari ceuk maranéh, urang téh saha?” Pétrus ngajawab, ”Al-Masih utusan Allah.”
21 Isa ngomat-ngomat maranéhna sangkan teu nyaritakeun hal ieu ka sasaha.
22 Tapi manéhna ngomong, ”Putra manusa kudu ngalaman loba kasangsaraan jeung ditolak ku para pamingpin, imam-imam kapala, jeung ahli Torét, tuluy dipaéhan. Tapi dina poé katilu, manéhna bakal dihirupkeun deui.”
23 Tuluy manéhna ngomong ka kabéhan, ”Saha waé nu hayang nuturkeun urang, teu meunang nuturkeun kahayangna sorangan, kudu manggul tihang siksaan* siga urang unggal poé, jeung terus nuturkeun urang.
24 Sabab saha waé nu hayang nyalametkeun nyawana bakal kaleungitan nyawana, tapi saha waé nu kaleungitan nyawana demi urang bakal hirup deui.
25 Sok, naon untungna lamun saurang jalma boga sagala hal di dunya ieu tapi ruksak hirupna atawa leungit nyawana?
26 Saha waé nu éra jadi murid urang jeung éra lantaran percaya kana kekecapan urang, Putra manusa gé bakal éra narima manéhna waktu Putra manusa datang dina kamulyaanana, kamulyaan Bapana, jeung kamulyaan malaikat-malaikat suci.
27 Sing percaya, sababaraha di antara maranéh nu aya di dieu moal bakal maot saacan ningali Pamaréntahan Allah.”
28 Kira-kira dalapan poé ti saprak ngomong kitu, manéhna ngajak Pétrus, Yahya, jeung Yakobus naék ka gunung pikeun ngadoa.
29 Tengah-tengah ngadoa, raray Isa barobah jeung papakéanana jadi bodas gugurilapan.
30 Bréh katempo dua lalaki keur ngobrol jeung manéhna, nyaéta Musa jeung Élia.
31 Maranéhna gé cahayaan jeung keur ngobrol ngeunaan Isa nu bakal ninggalkeun dunya, nu laksanana di Yérusalém.
32 Harita, Pétrus jeung nu duaan deui kasaréan, tapi barang geus hudang, maranéhna ningali Isa cahayaan jeung aya dua lalaki nu keur bareng jeung manéhna.
33 Pas dua lalaki éta rék ninggalkeun Isa, Pétrus ngomong ka Isa, ”Guru, urang resep pisan bisa aya di dieu. Ku urang dipangmasangkeun tilu kémah nya, keur Guru, keur Musa, jeung keur Élia.” Manéhna ngomong kitu téh bari teu ngarti naon nu diomongkeunana.
34 Waktu Pétrus keur ngomong kénéh, bray aya awan nu mayungan jeung turun ngaliputan maranéhna. Maranéhna jadi sarieuneun.
35 Tuluy aya sora tina awan ngomong kieu, ”Tah ieu Putra Kuring, nu geus dipilih. Sing nurut ka manéhna.”
36 Waktu sora éta kadéngé, nu katempo téh ngan Isa hungkul. Keur sababaraha waktu, maranéhna tetep jempé, teu nyaritakeun ka sasaha sagala nu ditingali ku maranéhna.
37 Isukna, waktu maranéhna turun ti gunung, jalma réa nyalampeurkeun manéhna.
38 Ti antara jalma réa, aya saurang lalaki nu ngagorowok, ”Guru, tulungan, pangningalikeun anak abdi nu ngan hiji-hijina.
39 Aya roh jahat nu nyurup ka manéhna. Jadi, manéhna osok ujug-ujug jejeritan, kejang-kejang, jeung sungutna ngabudah. Geus mah budak téh kasiksa, rohna hésé ingkah deuih.
40 Abdi geus ménta tulung ka murid-murid supaya roh jahat éta diusir, tapi teu barisaeun.”
41 Ku kituna, Isa ngomong kieu, ”Jalma-jalma jahat nu teu boga iman, rék nepi ka iraha urang kudu babarengan jeung sabar ka maranéh? Bawa budak manéh ka dieu.”
42 Tapi waktu budak éta nyampeurkeun, roh jahatna ngabeubeutkeun manéhna kana taneuh jeung nyababkeun manéhna kejang-kejang parah. Tapi, roh jahatna ku Isa dibentak, budak lalaki éta dicageurkeun jeung diserahkeun ka bapana.
43 Kabéh nu aya di dinya tarajubeun kana kakawasaan Allah nu luar biasa.
Waktu maranéhna masih kénéh tarajubeun kana kabéh nu dilakukeun ku Isa, Isa ngomong ka murid-muridna,
44 ”Déngékeun bener-bener jeung inget omongan urang ieu: Putra manusa bakal dihianatan, disérénkeun ka leungeun musuh.”
45 Tapi, maranéhna teu ngartieun kana omongan Isa, sabab hartina masih kénéh dirasiahkeun, jeung maranéhna gé teu wani nanya.
46 Geus kitu, murid-murid paraséa ngaributkeun saha nu pangpunjulna.
47 Lantaran nyaho naon nu dipikirkeun ku maranéhna, Isa mawa budak leutik, disina nangtung di gigireunana,
48 jeung ngomong ka maranéhna, ”Saha waé nu narima budak leutik ieu demi urang,* éta sarua jeung narima urang, jeung saha waé nu narima urang, manéhna gé narima Pribadi nu ngutus urang. Sabab jalma nu ngahandapkeun dirina di antara maranéh téh jalma nu pangpunjulna.”
49 Yahya ngomong ka manéhna, ”Guru, urang ningali aya nu ngusir roh jahat maké ngaran Guru, tapi ku urang dilarang lantaran manéhna lain ti antara urang.”
50 Isa ngajawab, ”Tong diulah-ulah, sabab saha waé nu teu ngalawan maranéh, aya di pihak maranéh.”
51 Sanggeus téréh waktuna Isa diangkat ka sorga, tékad manéhna indit ka Yérusalém téh geus teu bisa dihalang-halang.
52 Jadi, manéhna ngirim sababaraha utusan miheulaan manéhna. Tuluy, maranéhna indit jeung asup ka hiji kampung urang Samaria pikeun nyiapkeun kadatangan Isa.
53 Tapi, urang dinya embungeun narima Isa sabab apal manéhna rék indit ka Yérusalém.
54 Nyahoeun kitu, dua muridna, nyaéta Yakobus jeung Yahya, ngomong kieu, ”Lamun Juragan daék, titah urang nurunkeun seuneu ti langit sina ngabasmi maranéhna.”
55 Tapi, Isa malik tuluy negor maranéhna.
56 Jadi, maranéhna indit ka kampung séjén.
57 Pas keur di jalan, aya nu ngomong kieu ka manéhna, ”Juragan, ka mana baé gé abdi rék milu.”
58 Tapi, Isa ngajawab, ”Rubah baroga liang, manuk baroga sayang, tapi Putra manusa mah teu boga tempat keur saré-saré acan.”
59 Tuluy Isa ngomong ka nu séjén, ”Hayu jadi murid urang.” Tapi jalma éta ngajawab, ”Juragan, abdi ménta idin rék nguburkeun heula bapa.”
60 Isa ngomong ka manéhna, ”Keun baé, nu maot mah sina nguburkeun nu maot, tapi manéh mah uarkeun Pamaréntahan Allah ka mana-mana.”
61 Nu séjénna ngomong kieu, ”Abdi rék jadi murid Juragan, tapi abdi ménta idin rék pamitan heula ka kulawarga.”
62 Ceuk Isa ka manéhna, ”Jalma nu keur ngawuluku* bari luak-lieuk ka tukang mah teu pantes asup ka Pamaréntahan Allah.”
Catetan Tambihan
^ As. ”pérak”.
^ As. ”maké baju dua rangkep”.
^ Maksudna, Hérodés Antipas. Tingali Daptar Istilah.
^ As. ”tétrark”.
^ Tingali Daptar Istilah.
^ Atawa ”ngaran urang”.
^ Ngaguar taneuh maké wuluku.