Siloka 11:1-31

  • Nu rendah haté téh bijaksana (2)

  • Omongan jalma murtad téh matak batur binasa (9)

  • ”Mun loba jurunaséhat mah hasilna pasti alus” (14)

  • Nu béréhan bakal makmur (25)

  • Nu ngandelkeun kakayaan bakal meunang musibat (28)

11  Yéhuwa mikangéwa ka nu maké timbangan curang,Tapi misuka ka nu maké timbangan nu ukuranana bener.   Jalma nu lancang téh dituturkeun ku kahinaan,Tapi nu rendah haté* mah dituturkeun ku kabijaksanaan.   Jalma nu bersih hirupna* téh ngalampahkeun nu bener,Tapi nu licik mah bakal cilaka ku kalicikanana.   Kakayaan téh euweuh gunana dina poé amarahna Allah,Tapi nu lalampahanana bener mah bakal diluputkeun tina maot.   Jalma nu hirupna bersih jeung lalampahanana bener téh bakal mulus jalanna,Ari nu jahat mah bakal cilaka ku kajahatanana sorangan.   Jalma bener téh bakal salamet ku lantaran lalampahanana bener,Tapi nu licik mah bakal kajiret ku kahayangna sorangan.   Waktu jalma jahat maot, harepanana sirna,Kitu ogé jeung kakuatan anu dijadikeun andelanana.   Jalma bener mah bakal dibébaskeun tina kasusahna,Seug éta kasusah datangna ka jalma jahat.   Omongan jalma murtad téh matak batur binasa,Tapi jalma bener mah bakal salamet lantaran boga kanyaho. 10  Jalma-jalma di kota bungah ku lantaran kahadéan jalma benerJeung surak gumbira waktu nu jahat maot. 11  Ku lantaran berkah nu ditarima ku jalma bener, hiji kota jadi agung,Sabalikna omongan jalma jahat mah ngaruntuhkeun éta kota. 12  Jalma nu kurang pangarti téh ngarendahkeun sasamana,Ari nu luhur pangarti mah tetep jempé. 13  Tukang pitnah téh osok ngabongkar rasiah batur,Tapi nu bisa dipercaya mah bisa ngajaga rasiah. 14  Bangsa bakal runtuh lamun euweuh naséhat ti jalma nu bijaksana,*Tapi mun loba jurunaséhat mah hasilna pasti alus.* 15  Nu dadaékanan ngajamin hutang jalma nu teu dikenal téh pasti cilaka,Tapi nu teu daék nyieun perjangjian* siga kitu mah bakal aman. 16  Awéwé nu bageur téh meunang kamulyaan,Sabalikna lalaki nu kejem mah ngarampas kakayaan. 17  Lalaki bageur* téh bakal untung,Tapi jalma kejem mah nyusahkeun* diri sorangan. 18  Jalma jahat mah najan beubeunangan gé taya mangpaatna,Sabalikna nu lalampahanana bener mah tangtu meunang ganjaran nu sajati. 19  Nu boga tékad pikeun terus ngalampahkeun nu bener téh bakal hirup,Tapi nu keukeuh pikeun terus ngalampahkeun kajahatan mah tangtu paéh. 20  Yéhuwa mikangéwa ka jalma nu haténa licik,Tapi jalma nu hirupna bersih mah dipikaresep ku Anjeunna. 21  Sing yakin, nu jahat téh pasti dihukum,Sabalikna jalma bener mah anak-anakna bakal salamet. 22  Awéwé geulis tapi teu boga pikiran téhSaibarat anting emas dina cungur babi. 23  Kahayang jalma bener téh hasilna bakal alus,Ari angen-angenna jalma jahat mah matak Allah ambek. 24  Jalma nu resep barangbéré téh meunang leuwih loba,Tapi nu ngeukeuweuk naon waé nu sakuduna dibikeun ka batur mah kalah ka malarat. 25  Nu béréhan bakal makmur,*Nu nyegerkeun* batur bakal disegerkeun. 26  Jalma nu nimbun sisikian téh bakal disumpahan ku batur,Tapi nu daék ngajual sisikian mah bakal dipuji.* 27  Jalma nu sok nyieun kahadéan bakal dipikaresep,Sabalikna nu sok ngalampahkeun kajahatan mah tangtu meunang kasusah. 28  Jalma nu ngandelkeun kakayaan mah bakal meunang musibat,Tapi jalma bener mah lir tangkal nu gomplok daunna. 29  Jalma nu nyusahkeun* kulawargana moal meunang warisan nanaon,*Jeung nu bodo bakal jadi palayanna jalma bijaksana. 30  Lalampahan jalma bener téh lir tangkal kahirupan. Nu ngajurung batur* pikeun nyieun kahadéan, manéhna téh jalma bijaksana. 31  Lamun jalma bener* gé bisa diganjar,Komo deui nu jahat jeung nu baroga dosa, tangtu dihukum!

Catetan Tambihan

Atawa ”nu sadar yén kasanggupanana aya watesna”.
Atawa ”nu satia”.
Atawa ”euweuh bingbingan ti jalma nu tarampil”.
Atawa ”maranéhna pasti salamet”.
As. ”teu daék sasalaman”.
Atawa ”Lalaki nu nunjukkeun asih satia”.
Atawa ”ngérakeun”.
As. ”lintuh”.
As. ”Nu méré loba cai inum ka”.
Atawa ”bakal diberkahan ku Allah”.
Atawa ”nu jadi aéb keur”.
As. ”bakal ngawaris angin”.
Atawa ”jiwa batur”. Tingali ”Jiwa” dina Daptar Istilah.
As. ”jalma bener di bumi”.