Siloka 20:1-30

  • Nu loba teuing nginum cianggur jadi resep moyokan (1)

  • Nu kedul embung ngawuluku mun cuacana goréng (4)

  • Pipikiran jelema ibarat cai dina sumur nu jero (5)

  • Pépéling sangkan jalma teu rurusuhan ngucap jangji (25)

  • Nu diagulkeun ku budak ngora téh tanagana (29)

20  Nu loba teuing nginum cianggur jadi resep moyokan, nu loba teuing nginum inuman nu aya alkoholna jadi hésé diatur. Nu kalakuanana teu bener ku lantaran mabok téh bodo.   Kawas singa* nu guar-gaur, raja téh dipikasieun ku rahayatna. Saha waé nu wani ngahudang amarahna sarua jeung nganteurkeun nyawa.   Nu bodo mah sok pipilueun lamun aya nu paséa,Ari nu embung pipilueun mah bakal dipuji.   Nu kedul mah sok embung ngawuluku* mun cuacana keur goréng. Jadi pas usum* panén, manéhna kalah ka ménta-ménta da teu boga nanaon.*   Pipikiran* jelema téh ibarat cai dina sumur nu jero,Tapi ku nu boga pangarti mah éta bisa katimba.   Nu ngakuna nyaahan mah loba,Tapi anu enya satia mah langka.   Jalma bener téh bersih* hirupna. Barudakna gé bakal bagja.   Waktu raja diuk dina tahta pangadilan,Socana awas sangkan bisa nyingkirkeun kabéh kajahatan.   Mémangna aya nu wani ngomong kieu, ”Haté abdi geus bersih,Abdi mah geus teu boga dosa deui”? 10  Yéhuwa mikangéwaKa jalma nu maké timbangan jeung ukuran nu teu bener. 11  Kalakuan budak, boh bener boh murni,Témbong tina polahna. 12  Yéhuwa nyiptakeun ceuli keur ngadéngé,Nyiptakeun panon keur ningali. 13  Entong saré waé, engké manéh malarat. Geura hudang, ngarah manéh boga loba dahareun. 14  Anu meuli sok ngomong kieu, ”Ah, barangna goréng!”Tapi ari geus beunang mah meni agul, da asa pinter nawar. 15  Emas jeung batu koral* téh mémang mahal,Tapi nu leuwih hargaan mah kekecapan nu bijaksana. 16  Jalma nu ngajamin hutang jalma nu teu dikenal téh kudu dicokot bajuna. Jaminan nu dibikeun ku manéhna keur awéwé asing* gé kudu dirampas. 17  Roti beunang teu jujur mah mimitina karasa ngeunah,Tapi lila-lila asa siga keusik. 18  Lamun dibadamikeun* heula, rencana-rencana téh bakal laksana.*Rék perang gé kudu ménta naséhat heula ti jalma nu bijaksana.* 19  Tukang pitnah osok ngabongkar rasiah batur. Nu sok ngomongkeun batur* mah ulah dideukeutan. 20  Anu nyumpahan indung bapana,Hirupna bakal kawas lampu nu pes pareum di nu poék. 21  Sanajan jalma sarakah jadi beunghar,Tungtungna mah kakayaanana moal jadi berkah. 22  Ulah ngomong kieu, ”Engké dibales ku aing!” Tapi kudu miharep ka Yéhuwa, manéh tangtu ditulungan. 23  Yéhuwa mikangéwa ka nu maké timbangan nu teu bener. Maké takeran nu teu jujur téh salah. 24  Yéhuwa nu nungtun jalan hirup manusa. Mustahil manusa ngarti jalan mana nu kudu dipilih. 25  Jelema anu rurusuhan nyieun jangji ka Allah Tapi kakara dipikirkeun sanggeusna téh bakal kajiret ku jangjina sorangan. 26  Raja nu bijaksana nyingkirkeun jalma jahatSakumaha roda ngagiles sisikian sangkan misah tina cangkangna. 27  Keur Yéhuwa mah napas manusa téh ibarat lampuNu nyaangan naon nu aya di jero batin manusa. 28  Raja nu nyaahan* jeung satia bakal ditangtayungan. Ku lantaran asih satiana, tahtana bakal kukuh. 29  Anu diagulkeun ku budak ngora téh tanagana,Ari nu jadi kahormatan keur nu kolot mah huisna. 30  Hukuman* téh nyingkirkeun kajahatan,Ari didikan mersihan batin jelema.*

Catetan Tambihan

Atawa ”singa ngora nu jabrig”.
Ngaguar taneuh maké wuluku.
Atawa ”usim”.
Atawa bisa jadi ”manéhna néangan nu rék diala tapi euweuh”.
Atawa ”Niat haté”.
Atawa ”satia”.
Dina jaman Alkitab, batu koral téh mahal pisan.
Atawa ”urang asing”.
Atawa ”ménta naséhat”.
Atawa ”mantep”.
Atawa ”ménta bingbingan ti jalma nu tarampil”.
Atawa ”ngolo batur ku omonganana”.
Atawa ”nunjukkeun asih satia”.
As. ”Raheut jeung geuneuk”.
As. ”Ari jelema digebug mah batinna bersih”.