Siloka 23:1-35

  • Ulah hawek mun aya nu méré (2)

  • Ulah ngudag kabeungharan (4)

  • Kabeungharan téh bisa hiber (5)

  • Ulah nginum loba teuing cianggur (20)

  • Alkohol bisa macok kawas oray (32)

23  Mun dahar bareng jeung raja,*Manéh kudu bisa mawa diri.   Lamun sagala hayang didahar,Manéh kudu nahan diri.*   Ulah mikahayang dahareunana nu ngareunah,Bisi manéh katipu.   Digawé téh ulah tohtohan teuing pédah hayang beunghar. Ulah kitu! Manéh téh kudu némbongkeun pangarti.*   Duit mah sakilat gé leungit, siga jangjangan,Ber hiber ka langit kawas heulang.   Ulah ngadahar dahareun jelema pedit,Ulah mikahayang dahareunana nu ngareunah,   Da nu kitu mah sok itungan. Ari ngomong mah, ”Mangga dituang atuh, sok dileueut,” padahal haté teu iklas.   Sok wéh, engké nu geus didahar ku manéh, hayang diutahkeun deui geura. Percumah manéh muji-muji ogé.   Nu bodo mah teu kudu dipapatahan,Da nu kitu mah moal ngahargaan omongan manéh nu bijaksana. 10  Ulah mindahkeun wawatesan tanah nu geus ditetepkeun ti baheula,Ulah ngarampas lahanna budak yatim, 11  Sabab Nu Ngabéla* maranéhna téh kuat. Anjeunna bakal mihak ka maranéhna jeung ngalawan ka manéh. 12  Didikan téh kudu diregepkeun,Ucapan nu bijaksana kudu didéngékeun. 13  Tong asa-asa ngawarah budak.* Saupama diteunggeul ku tongkat gé moal matak paéh. 14  Manéhna justru kudu diteunggeul ku tongkat,Ngarah luput tina maot.* 15  Anaking, mun manéh* bijaksana,Haté Bapa téh senang. 16  Mun ucapan manéh bener,Haté* Bapa téh gumbira. 17  Ulah sirik ka nu marigawé dosa,Tapi kudu terus hormat* ka Yéhuwa. 18  Ku kituna, mangsa ka hareup téh gumilang. Harepan manéh gé moal sirna. 19  Déngékeun anaking, sing bijaksana,Hirup téh kudu bener.* 20  Ulah loba teuing nginum cianggur,Jeung ulah hawek ngadahar daging, 21  Sabab nu sok mabok jeung nu hawek kana dahareun mah bakal malarat. Hirup ngan saré waé mah alamat papakéan manéh ruwang-rawing. 22  Déngékeun Bapa, da mun euweuh Bapa mah manéh moal aya. Ka indung gé ulah ngahina, pédah indung geus kolot. 23  Bebeneran téh kudu dibeuli* jeung ulah dijual,Kitu deui kabijaksanaan, didikan, jeung pangarti. 24  Mun anak hirup bener, bapa bungah. Mun anak bijaksana, bapa gumbira. 25  Indung bapa manéh bakal gumbira,Indung nu ngalahirkeun manéh bakal bagja. 26  Anaking, regepkeun ucapan Bapa. Mugia manéh resep nyonto lampah Bapa. 27  Palacur téh ibarat liang nu jero,Awéwé bangor* téh ibarat sumur nu sempit. 28  Manéhna téh kawas garong nu keur ngadodoho. Gara-gara manéhna, jadi beuki loba lalaki nu teu satia. 29  Saha nu sangsara? Saha nu guligah? Saha nu sok paséa? Saha nu kukulutus? Saha nu raheut teu pupuguh? Saha nu panonna beureum?* 30  Éta téh jelema nu méakkeun loba waktu jang nginum cianggur,Nu ngarumpul jang ngasaan* cianggur oplosan. 31  Ulah kagoda ku cianggur nu beureum pikabitaeun,Ku cahayana nu ngénclong, ku rasana nu nikmat ngageleser dina tikoro, 32  Sabab tungtungna éta macok kawas oray,Nyebrotkeun peurah kawas oray matih. 33  Engké panon téh nénjo nu aranéh,Omongan gé ngacapruk. 34  Rarasaan téh asa keur saré di tengah lautan,Asa keur ngagolér di luhur tihang kapal. 35  Heug ngacaprak, ”Aing diteunggeulan, tapi teu karasa geuning. Aya nu neunggeulan, tapi saha nya? Iraha nya aing hudang? Hayang nginum deui yeuh.”

Catetan Tambihan

Ieu bisa ngamaksudkeun dahar bareng jeung jelema penting.
As. ”kudu ngantelkeun péso kana beuheung”.
Atawa bisa jadi ”Ulah ngandelkeun pangarti sorangan”.
As. ”Nu Nebus”.
Atawa ”budak leutik; budak ngora”.
As. ”Kuburan”, atawa ”Syéol”. Tingali Daptar Istilah.
As. ”haté manéh”.
As. ”Giginjel”.
As. ”sieun”.
As. ”Haté téh kudu diarahkeun ka jalan nu bener.”
Atawa ”dibeunangkeun”.
As. ”asing”. Tingali Sil 2:16.
Atawa ”teu cékas”.
Atawa ”néangan”.