Nu Ditulis ku Yahya 13:1-38
13 Saméméh parayaan Paskah, Isa apal yén geus waktuna manéhna ninggalkeun ieu dunya jeung balik deui ka Bapana. Isa nyaah ka jalma-jalma milikna nu aya di dunya, jeung nyaahna téh nepi ka ahir.
2 Peutingna, pas maranéhna keur dahar kénéh, Iblis ngasupkeun niat kana haté Yudas Iskariot, anakna Simon, pikeun ngahianat ka Isa.
3 Jadi, lantaran Isa nyaho Bapa geus masrahkeun sagala hal ka leungeunna sarta nyaho manéhna téh asalna ti Allah jeung rék balik ka Allah,
4 manéhna nangtung pas keur dalahar kénéh, muka baju luarna, nyokot anduk tuluy dibeulitkeun kana cangkéngna.
5 Sanggeusna, manéhna nyicikeun cai kana baskom, ngumbah suku murid-muridna, terus dielap nepi ka garing ku anduk nu di beulitkeun kana cangkéngna.
6 Pas giliranana Simon Pétrus, manéhna ngomong, ”Juragan rék ngumbah suku urang?”
7 Isa ngajawab, ”Maranéh teu ngarti naon nu dilakukeun ku urang ayeuna, tapi engké gé bakal ngarti.”
8 Pétrus ngomong, ”Ulah Juragan! Ulah ngumbah suku urang.” Ceuk Isa, ”Lamun urang teu ngumbah suku manéh, manéh moal bisa babarengan jeung urang.”
9 Simon Pétrus ngomong, ”Juragan, mun kitu mah ulah suku hungkul, sakalian atuh leungeun jeung sirah urang.”
10 Ceuk Isa, ”Nu geus mandi mah saawak-awak geus bersih, jadi nu kudu dikumbah mah ngan sukuna. Maranéh gé geus bersih, tapi henteu kabéh.”
11 Manéhna geus nyaho saha nu bakal ngahianat ka manéhna. Éta sababna manéhna ngomong, ”Henteu kabéh bersih.”
12 Sanggeus ngumbah suku murid-muridna, manéhna maké deui baju luarna tuluy diuk nyanghareupan méja. Manéhna ngomong, ”Maranéh ngarti ku naon urang ngalakukeun ieu?
13 Maranéh nyebut urang ’Guru’ jeung ’Juragan’, éta téh mémang bener.
14 Jadi, lamun urang Juragan jeung Guru gé daék ngumbah suku maranéh, maranéh gé kudu* silih kumbah suku jeung pada batur.
15 Urang téh nyontoan maranéh. Naon nu dilakukeun ku urang ka maranéh kudu dilakukeun ogé ku maranéh.
16 Urang ngomong nu sabener-benerna, palayan teu leuwih luhur ti dununganana, nu diutus gé teu leuwih luhur ti nu ngutusna.
17 Ayeuna maranéh geus nyaho hal-hal ieu, tapi maranéh bakal bagja lamun ngalampahkeunana.
18 Omongan urang téh henteu ditujukeun ka kabéhan. Urang nyaho saha nu dipilih ku urang. Tapi ieu téh supaya ayat ieu laksana, ’Jalma nu dahar bareng jeung urang kalah ka malik ngalawan urang.’*
19 Ayeuna urang ngabéjaan maranéh ti saméméhna, supaya waktu éta kajadian, maranéh percaya yén urang nu dimaksud dina ayat éta.
20 Urang ngomong nu sabener-benerna, saha waé nu narima jalma nu diutus ku urang, narima urang ogé, jeung saha waé nu narima urang, narima ogé Anjeunna nu ngutus urang.”
21 Sanggeus ngomong kitu, Isa ngarasa sedih pisan. Tuluy manéhna terus terang ngomong kieu, ”Urang ngomong nu sabener-benerna, salah saurang ti maranéh aya nu bakal ngahianat ka urang.”
22 Murid-murid papelong-pelong baringungeun, saha anu dimaksud ku manéhna.
23 Salah saurang murid Isa, nu dipikanyaah ku manéhna, diuk di deukeutna.*
24 Simon Pétrus ngunggeuk ka murid éta tuluy ngomong, ”Saha sih nu dimaksud?”
25 Jadi murid éta ngadeukeutkeun sirahna ka Isa* tuluy nanya, ”Saha jalmana, Juragan?”
26 Isa ngajawab, ”Nu dibéré roti nu geus dianclomkeun ku urang, éta jelemana.” Jadi sanggeus nganclomkeun roti, Isa mikeun rotina ka Yudas, anakna Simon Iskariot.
27 Sanggeus Yudas nyokot rotina, Sétan mangaruhan haténa. Tuluy Isa ngomong ka manéhna, ”Naon nu keur dipigawé ku manéh, gancang béréskeun.”
28 Tapi kabéh nu diuk di hareupeun méja euweuh nu nyaho ku naon manéhna ngomong kitu ka Yudas.
29 Malah lantaran Yudas nu nyimpen kotak duit, aya nu nyangka Isa nitah manéhna meuli kabutuhan keur parayaan, atawa méré sidekah ka nu miskin.
30 Jadi sanggeus narima roti, manéhna langsung indit. Harita téh geus peuting.
31 Sanggeus Yudas indit, Isa ngomong, ”Ayeuna Putra manusa dimulyakeun, jeung ku lantaran Putra, Allah gé dimulyakeun.
32 Allah bakal ngamulyakeun Putra manusa jeung éta bakal gancang dilaksanakeun.
33 Barudak, urang moal lila deui bareng jeung maranéh téh. Maranéh bakal néangan urang, tapi sakumaha urang ngomong ka urang Yahudi, urang gé ayeuna ngomong ka maranéh, ’Maranéh moal bisa datang ka tempat urang indit.’
34 Urang méré paréntah anyar ka maranéh: Maranéh kudu silih pikanyaah. Sakumaha urang mikanyaah maranéh, maranéh gé kudu silih pikanyaah.
35 Kabéh jalma bakal nyaho maranéh téh murid urang lamun maranéh silih pikanyaah.”
36 Simon Pétrus ngomong ka Isa, ”Juragan rék indit ka mana?” Isa ngajawab, ”Ayeuna maranéh moal bisa milu ka tempat urang indit, tapi engké maranéh bakal milu.”
37 Pétrus ngomong deui, ”Juragan, ku naon urang teu bisa milu ayeuna? Urang iklas masrahkeun nyawa demi Juragan.”
38 Isa ngajawab, ”Nyaan manéh iklas masrahkeun nyawa demi urang? Urang ngomong nu sabener-benerna, saacan hayam kongkorongok, manéh bakal nyangkal urang tilu kali.”
Catetan Tambihan
^ Atawa ”wajib”.
^ As. ”ngangkat tumitna ngalawan urang”.
^ As. ”dadana”.
^ As. ”dada Isa”.