Nu Ditulis ku Yahya 15:1-27
15 ”Urang téh tangkal anggur nu sajati, jeung Bapa urang tukang kebonna.
2 Unggal dahan urang nu teu buahan diteukteuk ku Anjeunna, tapi dahan nu buahan mah dibersihan ngarah buahna leuwih leubeut.
3 Maranéh geus dibersihan ku firman nu ditepikeun ku urang.
4 Sing terus ngahiji jeung urang, urang gé bakal ngahiji jeung maranéh. Siga dahan nu teu bisa buahan lamun teu napel kana tangkalna, maranéh gé moal bisa buahan lamun teu ngahiji jeung urang.
5 Urang téh tangkal anggur, maranéh téh dahan-dahanna. Nu terus ngahiji jeung urang sarta urang ngahiji jeung manéhna, buahna bakal leubeut. Tapi, mun misah jeung urang mah maranéh moal bisa nanaon.
6 Jalma nu henteu terus ngahiji jeung urang bakal diteukteuk kawas dahan nu engkéna garing. Dahan-dahan nu kitu bakal dikumpulkeun jeung dialungkeun kana seuneu keur durukeun.
7 Lamun maranéh terus ngahiji jeung urang sarta nurut kana omongan urang, maranéh ménta naon waé gé bakal dikabul.
8 Bapa urang dimulyakeun lamun maranéh terus baruahan leubeut jeung ngabuktikeun maranéh téh murid-murid urang.
9 Sakumaha Bapa nyaah ka urang, urang gé nyaah ka maranéh, nu matak maranéh kudu ngupayakeun supaya terus dipikanyaah ku urang.
10 Lamun maranéh nurut kana paréntah urang, maranéh bakal terus dipikanyaah ku urang, sakumaha urang nurut kana paréntah Bapa jeung terus dipikanyaah ku Anjeunna.
11 ”Urang ngomong kieu téh supaya maranéh milu ngarasakeun kabungah urang, jeung supaya maranéh bener-bener bungah.
12 Ieu paréntah urang: Maranéh kudu silih pikanyaah sakumaha urang geus mikanyaah maranéh.
13 Euweuh nu kanyaahna leuwih gedé tibatan jalma nu iklas ngorbankeun nyawana demi sobat-sobatna.
14 Maranéh téh sobat-sobat urang lamun ngalampahkeun paréntah urang.
15 Maranéh ku urang moal disebut palayan deui, sabab palayan mah teu nyaho naon nu dilakukeun ku dununganana. Tapi maranéh mah ku urang disebut sobat, sabab urang geus ngabéjaan sagala hal nu didéngé ku urang ti Bapa.
16 Maranéh teu milih urang, tapi urang nu milih maranéh. Urang ngalantik maranéh supaya terus buahan, nyaéta buah nu aya salilana. Ku kituna, naon waé nu dipénta ku maranéh ka Bapa maké ngaran urang bakal dikabulkeun ku Anjeunna.
17 ”Urang maréntahkeun hal-hal éta téh supaya maranéh silih pikanyaah.
18 Lamun dunya ngéwa ka maranéh, sing inget, dunya geus ti heula ngéwa ka urang.
19 Lamun maranéh bagian ti dunya, maranéh bakal dipikanyaah ku dunya lantaran maranéh téh milikna. Tapi ayeuna, maranéh lain bagian ti dunya lantaran geus dipilih ku urang pikeun misah ti dunya. Éta sababna, dunya ngéwa ka maranéh.
20 Sing inget kana omongan urang: Palayan teu leuwih luhur tibatan dununganana. Lamun maranéhna nganiaya urang, maranéh gé bakal dikaniaya. Lamun maranéhna nurut kana omongan urang, omongan maranéh gé bakal diturut.
21 Maranéhna ngalakukeun ieu kabéh téh lantaran maranéh murid-murid urang jeung maranéhna teu kenal ka Anjeunna nu ngutus urang.
22 Saupama urang teu datang jeung teu ngabéjaan maranéhna, maranéhna moal boga dosa. Tapi ayeuna, maranéhna teu bisa mungkir tina dosana.
23 Saha waé nu ngéwa ka urang, ngéwa ogé ka Bapa urang.
24 Saupama urang henteu nyieun mujijat nu can pernah dijieun ku nu séjén, maranéhna moal boga dosa. Tapi ayeuna, maranéhna geus ningali urang jeung ngéwa ka urang, kitu ogé ka Bapa urang.
25 Ku kituna, kekecapan dina Torét maranéhna téh laksana, ’Maranéhna teu pupuguh ngéwa ka urang.’
26 Urang bakal ngirim panulung ti Bapa, nyaéta kawasa suci nu nyingkabkeun hal nu bener. Waktu éta datang ti Bapa, éta bakal méré kasaksian ngeunaan urang.
27 Geus kitu, maranéh gé bakal méré kasaksian, sabab maranéh geus bareng jeung urang ti mimiti kénéh.