PANGALAMAN HIRUP
”Yéhuwa Teu Poho ka Abdi”
LEMBUR abdi di Orealla. Éta téh kampungna urang Indian-Amerika di Guyana, Amerika Selatan. Di ditu, pendudukna kira-kira aya 2.000 jalma. Kampungna téh mencil. Jadi mun rék ka ditu, ngan bisa maké kapal terbang leutik atawa parahu.
Abdi lahir taun 1983. Pas keur leutik mah, abdi téh séhat jeung normal. Tapi hiji poé, pas umur 10 taun, ujug-ujug saawak-awak téh nyareri kabéh. Terus kira-kira dua taun sanggeusna, waktu hudang saré, awak téh teu bisa digerakkeun. Abdi geus sakuat-kuat ngagerakkeun suku, tapi angger wé teu gerak. Ti saprak harita, abdi teu bisa leumpang deui. Awak gé teu ngagedéan deui. Jadi nepi ka ayeuna, awak abdi jiga budak leutik.
Geus sababaraha bulan abdi teu kaluar imah. Hiji poé, aya dua Saksi Yéhuwa datang. Biasana mah mun aya tamu, abdi sok nyumput. Tapi poé éta, abdi daék ngobrol. Waktu maranéhna nyaritakeun Pirdaus, abdi inget pas umur 5 taun asa pernah ngadéngé carita éta. Baheula, aya saurang misionaris nu sok datang ka dieu sabulan sakali jeung ngajarkeun Alkitab ka si Bapa. Ngaranna téh Jethro, cicingna di Suriname. Abdi resep ka Jethro sabab manéhna téh bageur pisan. Terus, baheula gé aya pasamoan di kampung abdi. Aki nini sok ngajak abdi ka ditu. Jadi waktu Florence, salah sahiji Saksi nu datang ka imah abdi poé éta, nawarkeun palajaran Alkitab, abdi daék.
Florence datang deui jeung Justus, salakina, pikeun ngajarkeun Alkitab. Tapi abdi teu bisa maca, jadi maranéhna ngajarkeun maca. Ahirna, abdi jadi bisa maca. Tapi sakali waktu, maranéhna méré nyaho, maranéhna ditugaskeun ka Suriname. Jadi wé, euweuh nu ngajarkeun Alkitab deui ka abdi. Tapi, Yéhuwa teu poho ka abdi.
Teu lila, aya panaratas nu ngaranna Floyd datang ka Orealla. Basa ngawawar, manéhna datang ka imah abdi. Pas manéhna nawarkeun palajaran Alkitab, abdi seuri. Manéhna nanya, ”Naha bet seuri?” Abdi nyarita, abdi geus diajar maké brosur Apa yang Allah Tuntut dari Kita? jeung mulai diajar maké buku Pengetahuan yang Membimbing kepada Kehidupan Abadi, * tapi can bérés. Ahirna, abdi neruskeun diajar maké buku Pengetahuan nepi ka bérés. Tapi, Floyd gé ditugaskeun ka tempat séjén. Jadi wé, abdi eureun diajar deui.
Tapi dina taun 2004, aya dua panaratas istiméwa nu ditugaskeun ka Orealla, nyaéta Granville jeung Joshua. Maranéhna ngawawar jeung datang ka imah abdi. Waktu maranéhna nawarkeun palajaran Alkitab, abdi seuri. Abdi ménta diajar maké buku Pengetahuan, tapi ti awal deui. Abdi hayang nyaho, nu diajarkeun ku maranéhna sarua teu jeung nu diajarkeun ku guru-guru abdi baheula. Tuluy, Granville gé méré nyaho bakal aya pasamoan di kampung abdi. Geus ampir sapuluh taun abdi teu kaluar imah, tapi abdi hayang datang. Jadi Granville ngajemput abdi, terus ngadorong abdi maké korsi roda nepi ka Balé Karajaan.
Sakali waktu, Granville méré saran supaya abdi miluan Sekolah Pelayanan Teokratis. Ceuk manéhna, ”Manéh mémang lemah fisik, tapi pan manéh masih bisa ngomong. Hiji poé, manéh bakal nepikeun hutbah. Éta pasti kajadian.” Abdi jadi gedé haté.
Abdi mulai ngawawar jeung Granville. Tapi jalanan di kampung téh garenjul, jadi hésé rék maké korsi roda téh. Ahirna abdi ménta didorong ku Granville maké gorobag. Éh, bener wé bisa! Dina April 2005, abdi dibaptis. Teu lila, abdi dilatih ngurus bacaan jeung tata sora di Balé Karajaan.
Dina taun 2007, si Bapa maot lantaran kacilakaan waktu naék parahu. Abdi sakulawarga sedih pisan. Granville ngadoa keur kulawarga abdi jeung ngahibur maké ayat-ayat Alkitab. Tapi dua taun sanggeusna, Granville gé maot lantaran kacilakaan parahu. Mani sedih pisan.
Sidang gé leungiteun. Ayeuna geus euweuh kokolot, sarta ngan aya hiji palayan sidang. Abdi sedih pisan. Granville téh sobat abdi. Manéhna resep tutulung jeung mantuan abdi raket ka Yéhuwa. Dina pasamoan saterusna, abdi meunang tugas maca Palajaran Warta Hadé. Sanggeus maca dua paragrap, abdi teu tahan deui. Abdi ceurik ngagukguk. Abdi geus teu bisa neruskeun deui maca.
Abdi rada tenang waktu aya dulur saiman ti sidang séjén nu mantuan di Orealla. Terus, kantor cabang gé ngirim panaratas istiméwa nu ngaranna Kojo. Abdi gé bungah lantaran indung jeung adi lalaki abdi daék diajar Alkitab jeung dibaptis. Dina Maret 2015, abdi dilantik jadi palayan sidang. Teu lila, abdi meunang tugas nepikeun hutbah umum. Poé éta, abdi sedih sakaligus senang. Abdi inget, Granville pernah ngomong, ”Hiji poé, manéh bakal nepikeun hutbah. Éta pasti kajadian.”
Tina acara JW Broadcasting®, abdi ningali pangalaman sadérék-sadérék di sakuliah dunya nu kaayaanna méh sarua jeung abdi. Najan cacad, maranéhna tetep bagja jeung bisa ngalakukeun loba hal. Abdi gé pasti bisa jiga maranéhna. Dina kaayaan nu jiga kieu, abdi hayang méré saloba-lobana keur Yéhuwa, jadi abdi naratas biasa. Terus dina bulan Séptémber 2019, abdi meunang kabar gumbira! Abdi dilantik jadi kokolot di sidang nu jumlah pawartana kurang leuwih 40 urang.
Nuhun pisan ka sadérék-sadérék nu geus ngajarkeun Alkitab jeung mantuan abdi dina palayanan. Pangpangna, hatur nuhun pisan ka Yéhuwa lantaran teu poho ka abdi.
^ par. 8 Dikaluarkeun ku Saksi-Saksi Yéhuwa, tapi geus teu dicitak deui.