PANANYA TI NU MACA
Saha nu Nyiptakeun Gusti Allah?
Bayangkeun, saurang bapa keur nyarita ka budakna nu umurna tujuh taun. Ceuk bapana, ”Baheula pisan, Gusti Allah nyiptakeun bumi jeung sagala eusina. Gusti gé nyiptakeun panonpoé, bulan, jeung béntang-béntang.” Si budak mikir, terus nanya, ”Pa, ari nu nyiptakeun Gusti Allah saha?”
Bapana ngajawab, ”Teu aya nu nyiptakeun Gusti Allah. Gusti mah geus aya ti baheula kénéh.” Harita, si budak puas kana jawaban bapana. Sanajan kitu, sanggeus déwasa, si budak jadi kapikiran terus kana hal éta. Manéhna héran, jagat raya ogé aya nu nyiptakeunana, piraku aya pribadi nu teu diciptakeun? Jadi manéhna mikir, ’Ti mana atuh asalna Gusti téh?’
Kumaha ceuk Kitab Suci? Kurang leuwih jawabanna sarua jiga jawaban si bapa tadi. Nabi Musa nulis, ”Nun PANGERAN, . . . Gusti teh salamina jadi panyalindungan abdi sadaya. Memeh Gusti ngajadikeun gunung-gunung, memeh bumi sareng alam dunya ku Gusti dicipta, Gusti parantos jumeneng Allah nu langgeng sareng baris teras jumeneng salalanggengna.” (Jabur 90:1, 2) Nabi Yésaya ogé nulis, ”Na maneh tacan nyaho? Tacan ngadenge? PANGERAN teh Allah nu langgeng, sakubeng jagat Mantenna nu ngajadikeun.” (Yesaya 40:28) Sarua jiga Musa jeung Yésaya, surat Yudas gé nyebutkeun yén Gusti téh geus aya ”ti baheula-baheula.”—Yudas 25.
Ayat-ayat éta nunjukkeun yén Gusti téh ”Raja abadi”, jiga nu disebutkeun ku Rasul Paulus. (1 Timoteus 1:17) Éta hartina, Gusti Allah téh geus aya ti baheula kénéh, sarta bakal aya pikeun saterusna. (Wahyu 1:8) Jadi, Nu Mahakawasa téh sipatna abadi.
Ku naon hal ieu hésé dipikaharti ku urang? Umur manusa téh pondok mun dibandingkeun jeung Gusti nu nami-Na Yéhuwa. Ku kituna, cara pandang urang ngeunaan waktu téh béda jeung cara pandang Yéhuwa. Gusti Allah téh abadi. Keur Anjeunna, sarébu taun téh ibarat ngan sapoé. (2 Petrus 3:8) Pék bayangkeun hal ieu: Simeut déwasa umurna ngan 50 poé. Ari manusa, umurna bisa 70 nepi 80 taun. Ku kituna, simeut moal paham kana kahirupan manusa. Tah, Kitab Suci gé nyebutkeun, mun dibandingkeun jeung Nu Nyipta, urang téh ibarat simeut. Kamampuh mikir urang euweuh nanaonna dibanding Gusti. (Yesaya 40:22, Terjemahan Dunia Baru; Yesaya 55:8) Matakna teu héran, aya hal-hal ngeunaan Yéhuwa nu teu bisa bener-bener dipikaharti ku manusa.
Kaayaan Gusti nu euweuh awal jeung ahirna téh bisa jadi hésé dipikaharti ku urang. Tapi, ieu téh asup akal. Ku naon? Mun aya pribadi nu nyiptakeun Gusti, sakuduna pribadi éta nu disebut Nu Nyipta. Tapi dina Kitab Suci, ngan Yéhuwa nu disebut Nu Nyipta, sabab Anjeunna nu ”nyiptakeun saniskara”. (Wahyu 4:11) Urang apal, jagat raya téh aya nu nyiptakeunana. (Kajadian 1:1, 2) Jadi, tangtu Nu Nyipta geus kudu aya saacan jagat raya diciptakeun. Gusti gé geus hirup saacan aya mahluk-mahluk séjén, saperti Putra-Na jeung para malaikat. (Ayub 38:4, 7; Kolosa 1:15, Terjemahan Dunia Baru) Jadi jelas, baheula ngan aya Gusti wungkul. Teu aya sasaha saacan Gusti. Ku kituna, mustahil mun Gusti diciptakeun.
Ku ayana urang jeung jagat raya, éta jadi bukti yén aya Gusti nu abadi. Pribadi nu ngatur jagat raya jeung méré hukum alam pasti geus aya saacan jagat raya diciptakeun atawa hukum alam éta dijieun. Ngan Anjeunna nu bisa méré kahirupan.—Ayub 33:4.